Selasa, 17 April 2012

Ulah Ceurik (lirik)

Cag di dieu
Cag samet dieu
Lalakon cinta nu urang

Tep anteupkeun
Tong diguar deui
Carita cinta nu pegat

Najan kagandrung sagulung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Akhirna urang papisah pisah,

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari gentosna

Cik ka kidul
Cik ka kaler
Kulon Wetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang dua'an
Lain anjeun lain abdi
Urang geus lain lainna

Reff.
Ulah ceurik
Tong di ceungceurikan
Tarimakeun janten randa
Abdi pasrah jadi duda
Da kieu geuning kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong di ceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan-pileuleuyan
Hampura abdi hampura

Tidak ada komentar:

Posting Komentar