Minggu, 29 April 2012

Manuk Dadali (lirik)

mesat ngapung luhur
jauh di awang-awang
memberkeun jangjangna
bangun taya karingrang

kukuna ranggaos
reujeung pamatukna ngeluk
ngapak mega bari hiber tarik nyuruwuk

saha anu bisa
nyusul kana tandangna
gandang jeung pertentang
taya bandingnana
dipika gimir dipika sieun kusasama
taya karempan kasieun
leber wawanena

Reff
manuk dadali
manuk panggagahna
perlambang sakti
indonesia jaya

manuk dadali
pangkakoncarana
resep ngahiji
ruku sakabehna

hirup sa uyunana tara pahiri,hiri
silih pikanyaah
teu inggis bela pati
manuk dadali
ngandung siloka sinatria
keur sakumna bangsa
di nagara indonesia

Tidak ada komentar:

Posting Komentar