Senin, 16 April 2012

Mawar Bodas (lirik)

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang…

Hujan angin dor dar gelap
Henteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila kaala

Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa ngoleang
Lempang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun… mikiran pipanyakiteun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar