Senin, 30 April 2012

Kunaon Neteup ka Abdi (lirik)

kunaon neteup ka abdi
tara -tara tiasasri
sok teu puguh raraosan
pupurayeuh samar polah

kunaon neuteup ka abdi
matak reuwas sareng isin
ruimaos seueur kakirangan
abdi mah jalmi biasa

seueur mojang anu lenjang
lir putri ti kayangan
titisan dewi pohaci
matak resep anu ningali

kunaon neuteup ka abdi
matak reuwas sareng isin
ruimaos seueur kakirangan
abdi mah jalmi biasa

seueur mojang anu lenjang
lir putri ti kayangan
titisan dewi pohaci
matak resep anu ningali

Minggu, 29 April 2012

Manuk Dadali (lirik)

mesat ngapung luhur
jauh di awang-awang
memberkeun jangjangna
bangun taya karingrang

kukuna ranggaos
reujeung pamatukna ngeluk
ngapak mega bari hiber tarik nyuruwuk

saha anu bisa
nyusul kana tandangna
gandang jeung pertentang
taya bandingnana
dipika gimir dipika sieun kusasama
taya karempan kasieun
leber wawanena

Reff
manuk dadali
manuk panggagahna
perlambang sakti
indonesia jaya

manuk dadali
pangkakoncarana
resep ngahiji
ruku sakabehna

hirup sa uyunana tara pahiri,hiri
silih pikanyaah
teu inggis bela pati
manuk dadali
ngandung siloka sinatria
keur sakumna bangsa
di nagara indonesia

Sabtu, 28 April 2012

Panon Hideung (lirik)

Panon hideung, irung mancung
Pipi koneng, putri bandung

Putri saha, di mana bumina
Abdi resep, ka anjeunna

Siang wengi, a impi-impi
Hate abdi, sara redih

Teu emut dahar, teu emut nginum
Emut kanu geulis, panon hideung

Jumat, 27 April 2012

Neng Geulis (lirik)

Neng geulis pujaan eungkang
Neng geulis akang hoyong tepang
Upami teu aya pamengan
Langkung sae urang keunalan

Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan

eta saha anu acuk bodas
eta saha snu acuk kayas
pipi koneng irung mancung
putri Bandung

Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan

Kamis, 26 April 2012

Peuyeum Bandung (lirik)

Dimana-mana,di kampung di kota
Tos kakoncara,ku nikmat rasana

Sampeu asalna teu di reka-reka
Naon namina ku matak kabita

Reff:
peuyeum bandung ka mashur
pangaosna teu luhur
ku sadaya ka galeuh
seupuh jeung murang kalih

mangga cobian,bilih panasaran
peuyeum ti bandung,heunteu sambarangan

Rabu, 25 April 2012

Mojang Bandung (lirik)

Bejakeun ka mojang bandung
Kuring dedeh
Kuring nyaah saenyana

Ngan anjeun nu dipiharep
Kedal asih dina hate saenyana

Sorana matak kagembang
Gantung dengen salawasna
Imutna nu mapag hirup
Jantung ratug tutunggulan


Bejakeun ka mojang bandung
Kuring dedeh
Kuring nyaah saenyana

Ngan anjeun nu dipiharep
Kedal asih dina hate saenyana

Sorana matak kagembang
Gantung dengen salawasna
Imutna nu mapag hirup
Jantung ratug tutunggulan

Dina hate kuring janji ukur hiji
Rek satia rek satuhu moal baha
Dina ati kuring janji ukur hiji
Iwal anjeun dina sagala rumasa

Beujakeun ka mojang bandung
Kuring resep kuring deudeuh
Ka anjeun

Selasa, 24 April 2012

Bangbung Ranggaek (lirik)

pajar maneh naek kareta cikajang
dimuatan mah disisi jambatan

pajar maneh deuh teu ngewa-ngewa acan
tos narosan mah hate seseblakan

bangbung ranggaek tadi embung ayeuna daek
bangbung ranggaek tadi embung ayena daek

cau kepok duh kintuinan ti baros
ti barosna mah tos dikaranjangan
pa amprokmah leuh teu hawatos teu naros
tos narosnamah geuing sering dianjangan

pajar maneh deuh heunteu alim patepang
nu kasepnamah geuning sering ngalanglangan

Senin, 23 April 2012

Bongan Engkang (lirik)

mun ngalangkung anjeuna tos alim deui
abong kena lekasan paturay tineung

mun ngalamun anjeuna tos alim deui
pura-pura ngalieus miceun paneuteup

bongan eungkang ka abdi janji satia
bongan eungkang ka abdi mungka carita

bongan eungkang ka abdi geuning sulaya
bibilasan ka abdi tega ngantunkeun

na kunaon kapungkur kedah patepang
kanggo naon upami kedah pa anggang

Minggu, 22 April 2012

Bulan Cangkuang (lirik)

iraha....
urang rek kaeas waktu ka tukang
mapay-mapay ria kabagja
rarakitan di situ cangkuang

caang bulan
katutup mega milu nyaksian
dua rasa nu meungkeut ka heman
moal bade pipisahan

Reff:
tangkal camara marindingan
angin peuting ngaleprokkan
dunya asa anu urang duaan
naha ayena bet pipisahan

caang bulan di situ cangkuang
kiwari teu weleh narembongan
carita endah urang duaan
omat di ukir tina lamunan

caang bulan di situ cangkuang
dina rasa teu weleh ngalangkang
najan urang pipisahan
hate mah silih anjangan

Sabtu, 21 April 2012

Emut Bae (lirik)

lain ti baheula atuh kang urang teh pateupang
ieu hate abdi atuh kang emut bae ka eungkang
teu benang dipapalerkeun,teu benang di bebenjokeun

lain ti baheula atuh kang urang teh patepang
ieu hate abdi atuh kang,emut wae ka eungka
tuebeunang dipapalerkeun,tue benang dibebenjokeun

Reff:
dipapareng sugan jaga
endah mun laksana
wangi asih nu duaan
imut bagia tineung rasa

dipapareng sugan jaga
endah mun laksana
wangi asih nu duaan
imut bagja tineung rasa

aduh engkang
emut bae ka eungkang
aduh engkang baabdi kabiluyuingan

Jumat, 20 April 2012

Kasmaran (lirik)

upami ningali kembang
kacipta manehna ngalangkang
kapiraray pameuteu nu asri nu anggun manis
kapiati geus titip nadiri jiwa romantis

upami ningali bulan
kagambar manehna nembongan
linuh rasa imutna sorana ngagupay heman
ngagalindeng bungkusan hariring tembanh kasmaran

kamana-mana urang bareng(urang bareng)
kamana-mana urang nyalindung(urang nyalindung)

satujuan sahate sa ikhwan saka tineung saka melang
salira mah ngundangan harepan natar asih anu manjang

upami laksana tepung
mamanis sumanding gumulung
putih asihan nu wening gumeling sajalan leumpang
mapaesan carita balaka cinta nu urang

Kamis, 19 April 2012

Leungiteun (Lirik)

kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa

tara-tara tisasari
abdi ngaraos sedih
teu aya keur pangumaha
keur batur suka-suka

iyeuh abdi leungiteun
mondok ge tara tibra
iyeuh abdi leungiten
neda tara mirasa

kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa

iyeuh abdi leungiteun
mondok ge tara tibra
iyeuh abdi leungiten
neda tara mirasa

kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa

Rabu, 18 April 2012

Naha Salah (lirik)

naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun
naha salah lamun kuring boga rasa deudeuh salian ka anjeun

sapanjang anjeun satia akang moal rek khianat,
cinta akang moal unggut karinduan
sapanjang anjeun satuhu akang moal rek midua,
cinta akang moal kedal kaanginan

cinta akang mang bulan anu nyaangan peuting, bakal aya salawasna
cinta akang sangenge anu maturan poe, bakal aya salalawasna

ulah....melang
ulah....hariwang

naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun
naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun

sapanjang anjeun satia akang moal rek khianat,
cinta akang moal unggut karinduan
sapanjang anjeun satuhu akang moal rek midua,
cinta akang moal kedal kaanginan

cinta akang mang bulan anu nyaangan peuting, bakal aya salawasna
cinta akang sangenge anu maturan poe, bakal aya salalawasna

Selasa, 17 April 2012

Ulah Ceurik (lirik)

Cag di dieu
Cag samet dieu
Lalakon cinta nu urang

Tep anteupkeun
Tong diguar deui
Carita cinta nu pegat

Najan kagandrung sagulung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Akhirna urang papisah pisah,

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari gentosna

Cik ka kidul
Cik ka kaler
Kulon Wetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang dua'an
Lain anjeun lain abdi
Urang geus lain lainna

Reff.
Ulah ceurik
Tong di ceungceurikan
Tarimakeun janten randa
Abdi pasrah jadi duda
Da kieu geuning kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong di ceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan-pileuleuyan
Hampura abdi hampura

Senin, 16 April 2012

Mawar Bodas (lirik)

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang…

Hujan angin dor dar gelap
Henteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila kaala

Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa ngoleang
Lempang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun… mikiran pipanyakiteun

Minggu, 15 April 2012

Mojang Priangan (lirik)

Angkatna ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priyangan.

Umat-imut lucu
Sura Seuri nyari
Lara-lirik keupat
Mojang Priyangan

* 2 (x)
Diraksukan kabaya
Nambihan Cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priyangan

Mojang anu donto
matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka…
Mojang priyangan ( balik ke atas*)

Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Estu surup nu nempo
Mojang priyangan… mojang priyangan…
Mojang priyangan…

Sabtu, 14 April 2012

Naon Lepatna (lirik)

Naon leupatna,naon dosana
Mun diri katarik tresna simpati
Kabandang kamelang

Naon lepatna, naon dosana
Mun rasa rumasa nyeunpatkeun tresna
Mika asih kadirina

Kapan cinta kedah anteb,jeung asih
Kapan asih kedah,timtim sumandingna

Sedeng rasa rumasana,mah jeun deudeuhna
Demi kasatiaan,janteun pageuh pamandangan

Naon tepatna,naon dosana
Neupikeun tungkusan kalbu,mustika asmara

Naon lepatna,naon dosana
Da niat ge saenyana,mika asih ka dirina

Jumat, 13 April 2012

Pileuleuyan (lirik)

Hayu batur –hayu batur
Urang kumpul sararea
Hayu batur-hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan-pileuleuyan
sapu nyere pegat simpay
pileuleuyan-pileuleuyan
paturay pateupang deui

amit mundur-amit mundur
amit ka jalma nurea
amit mundur-amit mundur
da kuring bade ngumbara

Pileuleuyan-pileuleuyan
sapu nyere pegat simpay
pileuleuyan-pileuleuyan
paturay pateupang deui

Kamis, 12 April 2012

Pahlawan Bangsa (Lirik)

Teu honcewang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Candu mundur pantano mulang
Mun maksud tacan Lausana

Berjuang keur leumah cai
Lali rabitur tenggang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas ridho keur sorban merdeka

Sinatria dana laga
Bela bangsa jeung negara
Di barengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun kadirina
Asal nagri bangsa waluya
Bisa jembar merdeka mukti wibawa
Jasa tujuan pahlawan bangsa

Rabu, 11 April 2012

Saha Anu Leupat (Lirik)

Saha nu leupatna
Mun diri katalanjuran
Bongan diri salira
Rek sarimbak jeung manehna

Saha nu lepatna
Mun heureuy kaleuleuwihi
Da bongan teureuh salira
Bet sasorot jeung birahi

Hanjakal tepang teh kapandeurian
Dina wanci geus reprepan
Ulah maksa kudu di penta
Tangtu gede mamalana

Badan nu leupat
Timangsa pa duduan
Da hate perna kagewang
Ku salira jeung teuteupna

Selasa, 10 April 2012

Salam Kangen (Lirik)

Dina peuting nu jempling
Hate anteb mikangen
Kasalira nu janteun kakasih
Buah ati panyileukan
Siang jeung wengi

Dina lirih na angina
Titip salam kakasih
Salam kangen
Salam rasa deudeuh
Mugi dugi ka salira

Teu hilap ucap wilujeung weungi
Kanggo salira aduh panutan.......

Mugi gambaran diri,sing ngajadi keumbangna
Numapaes endahna
Impenana salira

Mugi gambarna diri,sing ngajadi tatanan
Numinuhan na ati salira
Nungwujud hareupan
Pikeun pateupang

Pikeun patepang

Senin, 09 April 2012

Budak Jalanan (Lirik)

Ceuk batur mah
Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas….
Kapanasan…
Mun hujan…
Kahujanan…

Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan

Timana…timana.. atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin Abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna..

Minggu, 08 April 2012

Sapu Nyere Pegat Simpai (Lirik)

Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut,hayu urang sosonoan
Pacangkrama hari ngawadul
Urang silih tempas silih aledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu,geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun,ka tineung urang

Sapu nyere pegat simpai,bakal kasorang
Takdir gusti hyang widi,pasti kalakon
Urang rek papisah,urang rek pajauh
Meungpeung deukut,hayu rang sosonoan

Sabtu, 07 April 2012

Persib Euy Persib (Lirik)

Masyarakat kota Bandung
(bobotoh persib) nu sajati
Hayu baraya dukung persib
Dukung dukung suyunan

Tuh pajabat Kota Bandung
(ngadukung persib) Nu geus pasti
Ulah ringrang jeung salempang
Tungtungkeun mawa sengit Kota Bandung

Bobotoh araman
Anu nongton tangtu nyaman
Komo main gesit
Cingcirining eta persib
Persib main cantik
Kang Yosi ngeunah seuri
Komo mun juara
Kang Dada bakal senang

Jumat, 06 April 2012

Sasak Rajamandala (Lirik)

Di beh kulonen
Pengkolan nu ka Saguling
Aya sasak anu jadi panineungan kuring
Sasak panjang nu nepungkeun Bandung Cianjur
Diliwatan balarea mentas walungan Citarup

Nu katelahna nya Sasak Rajamandala
Sasak cukang palantara cinta kuring jeung manehna
Cinta mimiti nukena
Hese pohona
Lamunan cik dina ati sumelap lilana rasa

Di sasak Rajamandala, hotel telet nu munggaran
Rek ngajak tacap kasoca, keleket hate deg-degan
Ka Sasak Rajamandala hayang geura ngaimplengan
Yen kuring teu jeng manehna
Kiwari geus baranganna

Kamis, 05 April 2012

Mega Sutra Pantai Carita (Lirik)

Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas endahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geuteurna cinta

Dina dada aya rasa
Dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Di sisi basisir
Laut pantai carita
Nya didinya urang teh wakca balaka

Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katineung rasa
Saksi asih mekarna hareupan cinta
Poe isuk muga laksana paneja
Mega sutra….
Di langit pantai carita

Rabu, 04 April 2012

Amparan Sajadah (Lirik)

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya daya

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut panghampura Gusti
Ya Allah Robbul 'izzati

Taya deui
Panglumpatan
Taya deui
Pamuntangan
Mung Allah pangeran abdi
Pangeran anu sajati

Selasa, 03 April 2012

Euis (Lirik)

Euis, ke antosan heula,
Aeh aeh saha eta,
Abdi sobat nu baheula,
Euleuh euleuh saur saur saha,

Euis teuing ku lucuna,
Idih idih paribasa,
Estu ku matak kayungyun,
Ah pameget eta mah biasa,

Ibu, bapa, dieu geura,
Sok aya jajaka,
Nu ngangkentresna,
Ku ngararewa,
Estu ku seueur gogoda,
Nu jangkung jalmina,
Kandel kumisna,
Sesah hilapna,

Euis, ke antosan heula,
Aeh aeh saha eta,
Abdi sobat nu baheula,
Euleuh euleuh saur saur saha,

Euis teuing ku lucuna,
Idih idih paribasa,
Estu ku matak kayungyun,
Ah pameget eta mah biasa,

Ibu, bapa, dieu geura,
Sok aya jajaka,
Nu ngangkentresna,
Ku ngararewa,
Estu ku seueur gogoda,
Nu jangkung jalmina,
Kandel kumisna,
Sesah hilapna,

Senin, 02 April 2012

Anjeun (Lirik)

Teu aya deui, nu mikacinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunnya, pangbageurna sadunnya
Iwal anjeun
Anu heman tur daria, anu jangji satia
Ngan ukur anjeun

Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh-aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun

Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan horeng anjeun geus rimbitan


Suara Laki-laki

Teu aya deui nu mikamelang iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan
Husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun

Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut
Ngan jeung anjeun

Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu

Minggu, 01 April 2012

Mobil Butut (Lirik)

Mobil butut kaluaran baheula
Sajaman jeung Bedil sundut harita
Ayeunamah mobil butut geus carang
Nambangan ge di kota ge geus di larang

Dut durut dut dut
Mobil maju na ngidul
mogok di jalan radiatorna ngebul
Kenekna turun nyiuk cai di solokan
Mobilna nginum jiga kebo di mandian